Jumat, 15 November 2013

Crpen3

Handphone Kénging Hikmat Nugraha Hayang mah geus lila boga hp (hapé) téh. Kuring kabita ku kikirilikanana hp nu kapiadi. Bubuhan geus boga gawé manéhna mah, kabeuli hp. Hp teh jadi lifestyle, jeung jaga gengsi, pangpangna hareupeun bébéné, keur nu geus boga mah. Ari keur nu can bogaeun mah nya keur gaul wé. Atuh da lamun pareng wawawuhan jeung awéwé téh, sok marénta nomer hp. Ayeuna geus kacumponan boga hp téh. Ku kuring dipaké pikeun wawawuhan atawa komunikasi, boh jeung nu deukeut, boh jeung nu jauh. Malah aya nu keur di Malaysia ngirim sms ka kuring. Cenah manéhna téh  pendengar setia RSI (Radio Singapura Internasional seksi Indonesia) nu saban peuting didéngékeun ku kulawarga kuring. Resep sotéh, bubuhan aya penyiarna nu urang Bandung, Entin ngaranna. Manéhna geus lila mukim di Singapura. Kawas ngadéngékeun Hidayat Ranumihardja di Radio Australia. Asa deukeut, jeung asa ka dulur, najan paanggang gé. Enya tétéla geuningan ku hp mah,  ka luar negri gé bisa dipaké da aya perusahaan telekomunikasi nu ngayakeun tarip husus pikeun user produk manéhna. Boga hp téh dipangmésérkeun ku Ambu, indung kuring. Pédah aya sésa tina ngarenopasi imah, saurna. Ngeunah-ngeunahna mah boga hp téh. Ngan palebah marabanana yeuh, rada uleng. Alusna, boga hp téh, informasi gancang katarima. Hayang panggih jeung nu kakara wawuh mah hasil tina chatting gampang pisan atuh. Goréngna, mun aya sms iseng. Telepon iseng lolobana mah miscall.  Ayeuna mah diteundeun, disidem di kamar, da leungeun ateul, hayang mencét waé tombolna. Teu ngasms pasti nelepon atawa maen gim. Jadi pusing mikiran keur ngawaragadan pulsa-na. Aya éta gé pilihan harga, ti mimiti nu tujuh rébu, sabelas rébu nepi ka ratusan rébu. Ngan angger wé lieur mikiranana. Orokaya boga hp téh geuningan teu gampang, tetep wé kudu boga pangasilan. Untungna deuih kuring sakapeung sok boga duit tina ladang nulis, cukup keur meuli pulsa mah. Nyeta atuh kakara sadar kuring ge kabawakeun dikawasa ku teknologi canggih. Apan bareto mah keur can usum, indit ka mamana tara ieuh mamawa HP. Teu naha teu nehe. Ari ayeuna mah teu bga HP teh apan mani asa longkewang naker. Geus dua kali hp téh contact service. Tilu kali malahan mah. Kungsi nepi ka opat poena diservis téh, panyakitna téh kitu jeung kitu waé. Bari mayarna mah angger, tapi teu walagri deui. Di pusatna mah geuningan ngan ukur lima puluh rébu rupia. Jaba  bisa ditungguan, ukur saparapat jam, cageur deui. Gara-garana, éta hp murag tina saku calana dina beus, dua minggu ka tukang. Maké rada ngarep-ngarep, iraha kabeuli deui hp. Batan kapok kalah gawok geuningan. ***       http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1382023164

Cerpen2

Sapanjang Jalan Ka Subang Kénging Tety S Nataprawira Gebeg, kuring ngagebeg. Getih asa nyéak baning ku reuwas. Mobil di erém ngadadak, méh waé ngadupak treuk nu ujug-ujug eureun hareupun. Jalan nanjak lebah dieu nu sok kagok eureun teh, tanjakan Émén. Katambah ti tadi pikiran teu jejem kana nyupiran. Awak asa ringsek balas capé jeung kurang saré. Geus sababaraha poé dipaksa ngaréngsékeun ténder gedé. Tapi peuting ieu, tetep kudu indit ka Subang. Perlu pisan hayang panggih jeung ki Adi. Mobil nu geus rék adek kana bujur treuk. Dipundurkeun deui. Hadéna di tukang can aya kendaraan sején anu nuturkeun. Cetrék, méré lampu sén ka katuhu. Rék ngaliwatan treuk nu tuluy ngajeten dina tanjakan. Léok si Dukun, mobil kuring dipajukeun ngatuhu. Tanjakan kosong. Kuring  miheulaan. Jadi cénghar panon téh, da bieu rada kareureuwasan. Nyupiran tengah peuting sorangan. Ngangkleung euweuh nu maturan. Nu matak tadina mah hayang ngajak manéhna, méh aya batur. Belenyéh seuri sorangan, da can waktuna. Pamohalan manéhna daékeun diajak sakahayang sorangan. Kuring téa lalaki, pikiran sok pangangguran ngumbar kahayang. "Moal tiasa nyarengan Kang. Mangga wé nyalira atuh. Atanapi sareng si Tétéh?“ Walonna. Nyasat atuh, ari nu di imah diajakan mah. Moal gé hayang dibaturan ku manéhna. “Ka Subangna badé ka saha, ka Ibu? Salam baktos wé,“ cenah ngawalon sms kuring. Dada ruménghap, narik napas panjang. Kuring keur boga “PR”. Loba kahayang hirup. Tapi da lantaran ku boga kahayang kieu, kuring ngarasa boga tanggung jawab. Pangabutuh kulawarga, alhamdulillah geus kacumponan. Anak opat, lalaki geus mentas tiluan. Kari saurang deui si Bungsu. Nincak geneplas taun, karak sup ka SMA. Dipikir dibulak balik, rumah tangga kuring mémang taya codéka. Tilupuluhtujuh taun, pamajikan tetep satia. Bageur jeung soléhah. Ngajurung rejeki ka sararéa. Éstu taya cawadeunana. Beuki nyaah. Pagawéan geus lila merenah, sataun ieu deui pangsiun. Maké jorojoy hayang boga usaha sorangan. Dirojong ku lingkungan jeung babaturan nu satujuan ongkoh. Deg wéh, caritana muka usaha, luyu jeung dunya kuring, dunia éntertain, ceuk istilah ayeuna mah. Usaha jasa nguruskeun nu boga acara hiburan atawa naon waé nu aya patalina jeung éta.   Alhamdulillah geus ngaléngkah. Bari angger kudu tihothat néangan jalan pirejekieun. Kapan éta mah ihtiarna. Perkara hasilna kuring pasrah ka Nu Wenang ngatur rejeki. Sanajan kitu, bet angger aya kénéh nu ditéangan. Ngulisikna pangabutuh diri nu geus mangtaun-taun teu kacumponan. Kuring teu rék nanyakeun saha nu salah, da Pangéran Nu Maha Uninga, anu ngatur sagalana. Ti saprak ngalahirkeun si Bungsu, pamajikan lir nu keur tapa. Teu bisa dionggét-onggét. “Sanés teu nyaah,“ pokna, nalika kuring minangsaraya hayang namplokkeun kasono. Kalah awakna ngeleper. Beungeutna pias. Késang badag késang lembut lamun ku kuring dideukeutan téh. Sorangan sok teu téga. Jadi milu teu walakaya. Ihtiar ka dokter mah ti harita ogé henteu eureun. Trauma psikis, bet kaalaman ku indung budak. Sararéa teu apaleun, iwal ti kuring sorangan, jeung pamajikan. Mangtaun-taun, genep las taun. Bari susuganan aya jalan kaluarna. Kuring sorangan sok tumanya, rék tepi ka iraha? Arék diantep waé kitu? Cék salah saurang dokter ahli psikologi nu ku kuring dipéntaan advis-na ngeunaan kaayaan pamajikan, cenah kasus siga kitu téh memang aya. Disebut Babyblues téa. Anéh, tapi mungguhing batin manusa mah apan tara bisa kabaca, teu cara kana lahirna. Naon anu karasa ku batin, ngan saukur bisa dirasakeun ku jinisna. Tah ieu ogé salah sahiji panyakit batin, cenah. Anu bisa jadi jolna mah tina gangguan lahir, atawa trauma. Kaayaan nu nimbulkeun kareuwas. Tah, tapak reuwasna nu disebut trauma téh, cék dokter éta. Babyblues, rata-rata kaalaman dina lolongkrang waktu satutas ngalahirkeun. Jadi tangtuna gé ngan kaalaman ku awéwé nu anyar orokan. Ngan waé, cék éta psikolog, aya nu ngalaman aya nu henteu. Aya kalana kaalaman sakeudeung. Aya kalana ogé jadi tuluy ngarobah kaséhatan psikis nu ngalamanana. Contona cara nu kaalaman ku pamajikan. Basa manéhna ngalahirkeun si bungsu, geus nincak kana umur opatpuluh. Loba kasieun, mindeng ngadénge atawa maca yén, nu ngalahirkeun dina umur sakitu, kudu waspada lantaran loba bahayana. Jeung enyana ieu ogé ngalahirkeunana téh disésar, lantaran jabang bayi teu daékeun asup kana jalan lahir. Padahal geus leuwih tina waktuna. Kareuwas ku kajadian sarupa kitu, indung budak boga rasa handeueul maké  boga deui budak. Satadina memang miharep boga anak awéwé, tapi dalah dikumaha anging Alloh nu nangtoskeun. Lesot KB teh, kalah del deui boga budak bari kitu riwayatna. Ari anu disebut Babyblues, cenah kaalamanana teu kudu ku nu tas ngalahirkeun ku jalan sésar waé. Nu ngalahirkeun normal ogé mindeng kaalaman. Ngan teu sarua wujud gangguanana. Kulantaran sakabéhna dimimitian ku gangguan siklus hormon wanita, nu bisa ngarobah rasa bungah tas ngalahirkeun jadi ngadadak sedih. Asa karareueung cuang-cieung ngarasa taya batur. Tuluy aya nu ngarasa asa dibaékeun, asa teu guna pikeun salaki da awakna asa geus robah. Aya ogé cenah nu ngalaman sabalikna. Satutas ngalahirkeun, ngadadak boga libido nu leuwih rosa. Éta kabéh didongéngkeun ku dokter téh. Awéwé nu tas ngalahirkeun sagalarupana leuwih sénsitip, teu payaan. Sedih jeung bungah campuh ngahiji. Matak lamun kurang iman mah matak cilaka. Kuring teu nyangka, sugan téh kajadian nu kaalaman ku pamajikan moal lila, komo bari diubaran mah. Sugan téh paling lila dua bulan, geus sabihari. Tapi geuning ti bulan ka taun, taya nu bisa ngarobah kaayaan. Pamajikan angger ngarasa teu sanggup mulangkeun dirina jadi wanita sajati. Sedeng kuring diajar sabar nungguan, sugan jeung sugan aya kamajuan. Kalah kahémeng beuki nambahan. Mun tangkal kai mah kuring geus rék ngarangrangan, akarna geus lukutan. Kuring can boga jalan kaluar iwal ku ngabrangbrangkeun manéh kana pagawéan. Beuki moho, beuki sumanget. Awak diporsir sina capé. Mun geus katingalieun ku pamajikan kuring keur marudah, pamajikan sok milu rambisak. Tapi tuluy ngahatéan. “Nikah deui we atuh Kang, mangga, asal teukenging jajan “ Pokna.Kuring teu némbalan. Da sabenerna mah lain hayang kitu, tapi hayang nu jadi pamajikan cageur deui cara baréto, saméméh ngalahirkeun si Bungsu.Sapanjang nyupiran ka Subang, pangbeberah pamajikan ngahieng terus. Kadéngé ku ceuli batin. Asa mustahil aya pamajikan nu sanggup kanyaah salakina dibagi dua, malah ngajurungkeun?  “Asal barudak sapuk,“ cenah, saratna can tangtu énténg. Kadéngé kénéh. “Mun barudak teu sapuk?”  Cekéng. “Bagéan Mamah nu jadi taméng ka maranéhna,“ pokna. Kuring nyaho maksudna. Da ngan manéhna nu terang alesanana.Datang ka Subang kota, jam satu peuting. Perjalanan ka ki Adi dua puluh lima kilo deui. Dipaju. Bari keukeuh ingetan manco ka pamajikan, nu kungsi ngajurungkeun kuring boga deui pamajikan.Nyorang perjalanan  wayah tengah peuting, bet asa nu diléléwé. Poék jeung simpé. Pucuk daun eurih nu ngarumbay sisi jalan liliwatan ka lembur ki Adi, kawas nu nangtang ngajak badami. Nangtang pikir lalaki nu hanaang néangan muara kanyaah raga. Sanajan haté teu pipilueun kaendagkeun ku karep midua, tapi pikir ngadadak asa rék teuneung ka hareup, apan kuring téh lalaki. Enya atuh, matak naon mun saran pamajikan téh jadi tinimbangan nu daria? Meureun bakal jadi jalan kahadéan keur manéhna. Pahla keur pamajikan nu rido ngajurung kuring boga deui. Aya nu ngajangkepan kudrat kuring sabagé salaki. Ras inget kana lalampahan. Salila ieu teu boga ingetan pikeun salingkuh. Rumasa ari babaturan sabudeureun kuring mah loba. Nu disebut artis nu mindeng gawé bareng ogé balatak. Wanoja léngoh nu keur meujeuhna rungrumeun, lain saurang duaan nu bangun lindeuk mun dideukeutan. Teu rék ngabibisani, kuring sok kabita. Mun téa mah maranéhanana halal keur kuring, moal boa geus jadi jalan pikeun kuring salingkuh. Ngan hadéna aya kénéh iman nu mageran diri kuring, jeung kanyaah nu keur ditéangan, da lain éta. Dina umur nu geus sakieu, buuk geus bodas. Tapi ceuk manéhna buuk kuring nu ngembang jambu nu ku manéhna dipikaresep téh. Sorangan seuri deui, inget ka manéhna. Ti saprak wawuh ngan ngendagkeun waé mamaras haté. Manéhna gé  geus lain budak rumaja, sakumaha nu sok pirajeunan dilamun diwawaas. Tapi manéhna miboga daya tarik nu nyalisir kana sakujur awak kuring, ngahudangkeun kahayang, nu geus lila sina puasa. Keur mimiti wawuh mah teu kaasup kana daptar wanoja nu ditéangan, manéhna téh. Heuy, deuh kawas ditektip, néangan wanoja maké daptar jeung sarat sagala. Manéhna kokolébatan jeroeun pikir. Geura, mun seug ayeuna bisa marengan, meureun pikiran moal marojéngja kieu. Tadi méméh indit kungsi kapikir, mun manéhna daékeun diajak, naha rék diwawuhkeun kitu ka ki Adi? Batur ngobrol di jalan, meureun kitu pok téh. Tapi hayang manéhna, lain sasaha. Ngan engké mun geus tepi ka Subang kumaha? Sumputkeun? Di mana, di hotél? Waktu kuring ngaheureuyan kitu ka manéhna dina sms, manéhna gancang ngawalonan tandes pisan. “Abdi mah alim disumputkeun,“ cenah. “Da sanés narkoba. Kantenan di hotél, sanés simpeneun di dinya. Mangga wé nyalira milari nu keresa diseumputkeun!“ cenah. Lah, ku hésé atuh nya boga kahayang téh. Nu ieu ku kuring keur dititénan. Manéhna. Nu ngailhaman kuring saban peuting hayang dibaturan lain ukur na implengan. Tapi dina kanyataan. Luyu jeung kahayang manéhna waktu kuring wakca boga masalah jeung indungna budak nu can aya solusina. “Pami kitu mah sigana salira kedah nikah deui,“ pokna. Keukeuh maké kecap ‘salira’. Asa dina tutulisanana mun nga-sms. “Sareng saha?“ cékéng. “Sareng istri nu masih kénéh anom, bahénol nérkom,“ cenah bari nyeuleukeuteuk ngaheureuyan. “Seueur nu kitu mah. Nu sesah téh milari nu luyu sareng haté,“ témbal téh. “Apan judulna gé kanggo nyumponan pangabutuh raga, sanés?” manéhna nyindiran. Kuring surti. “Atuh kapan kedah aya ajén ibadahna, karana Allah“ pok téh nandeskeun. Jeung enyana, sanajan kuring kudu boga deui pamajikan, lain pédah kuring lalaki, wenang. Jeung lain pédah wungkul butuh pikeun ngamalirkeun kudrat lalaki, bari aya dina jalan anu cocog jeung aturan Allah. Tapi kuring mémang keur boga masalah jeung indung budak. Kahayang mah mun kudu boga deui téh, nu cop pisan jeung lelembutan, nu pikanyaaheun. Nu kuring bisa ngabagjakeun manéhna. Lebah dieu, urusan kuring sabagé lalaki geus wakca ka manéhna. Teu dihaja. Asalna mah duméh manéhnaklien  kuring nu icikibung dina widang kaséhatan. Teu hésé nerangkeun. Malah loba saran manéhna nu bisa ditarima ngeunaan kaséhatan kuring jeung pamajikan. Tamiang meulit ka bitis, cék manéhna. Bongan sorangan wakca, jadi kapikiran na haténa. Manéhna jadi remen mikamelang. Aya rasa nu sumarambah tina kahémanna. Beuki lila beuki meulit, dina lelembutan. Tapi kumaha carana sangkan indung budak buru-buru nyahoeun tapi teu jadi matak? Lain hayang disumputkeun, ceuk manéhna. Kuring can aya kawani. Jalan nu tarahal masih kénéh panjang. Jalan ka imah ki Adi rada jauh kénéh ti tengah kota. Tarahal. Lir ibarat jalan nu rék disorang ku kuring jeung manéhna. Sanajan geus dijurungkeun, kaluar ti panto imah geus dibralkeun ku pamajikan. Sapanjang jalan ka Subang, pikir tacan nyaangan. Pajurawetna haté jeung pikiran, lir pajurawetna tegalan eurih anu mindeng kaliwatan mun ka lembur. Tungtung eurih nu sareukeut, kalan-kalan kudu karasa nurihan. Sakapeung sok kaupahan ku sikep pamajikan nu gumati cara nu ngarasa boga sabab. Sok teu téga. Tepi ka teu karasa kuring ngalakonan puasa teu bisa manggih citrésna, salila-lila. Ceuk nu bohong mah geus satengah abad. Kuring teu bina ti duda. Panglumpatan ngan ukur sapangabisa. Teu munapék, birahi nu ngagedur kénéh mun keur duaan jeung pamajikan, kudu peper saharita jadi teu walakaya. Sanggeus panggih jeung manéhna, kahudang pikeun silih pikanyaah. Ngeusian lolongkrang kosong nu ku manéhna oge geus kaalaman sababaraha taun, saprak ditinggalkeun jenatna. Tepi ka balik deui ka Bandung ti Subang, nu ngalangkangan haté ngan manéhna. Asa rék sapok-pokeun bébéja, yén kuring niat ngaenyakeun pangjurung pamajikan pikeun boga deui pamajikan. Waktu manéhna nanyakeun iraha rék balaka ka si Teteh, kuring karak bisa ngajawab. “Antosan waktos nu mustari....”   Lah, bet asa teu téga. Asa rék jadi pasakitan. Wani mun didakwa ku barudak? Bakal bisa kitu narima kanyataan mun indungna didua asih? Sirah lungleng, rieut. Tepi deui ka Bandung sanggeus balik ti Subang, kuring muru ka manéhna. Dina méja geus ngajagrag mocacino panas bangun anyar kénéh ninyuh. Teuteupna nu méré harepan, teu weléh ngagupayan kuring sangkan balik ka dinya. Muru kopi haneut, nu geus ngagedurkeun sumanget kuring. Ngagedurkeun sumanget lalaki nu hanaang salila welasan taun. Teu manggih saleguk cikahuripan sakumaha mistina. Kuring duaan geus pasini rék silih pihapékeun dina mangsa kasorénakeun. Dina umur nu geus méh sareupna. Sanajan jeung enyana, kuring hésé rék nedunan kahayangna. Pikeun saméja tiluan. Kuring, manéhna, jeung pamajikan.  http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1379392621

Cerpen 1

Basa Sakola Kabanjiran Kénging Holisoh Dur subuh téh geus hudang, da diguyah-guyah ku Ema. Padahal panon mah hayang peureum kénéh. Tuda wayah kitu mah keur meumeujeuhna disimbut buni, bari ceuli ngadédéngékeun nimatna si jago kongkorongok di pipir. Sorana mani ngoncrang, bubuhan hayam pelung hadé piara. Pangirim Mang Tatang ti Lembur Babakan. Ngajimatan cenah, da sajodo méréna téh. Ngan édas nu bikangna mah ukur tilu poé umurna aya di kuring téh, da kagiles ku ojeg nu lalar-liwat.    “Hudang, Jalu! Geura ka pancuran, si Apa bisi ngambek,“ ceuk Ema bari nyokot anduk  nu disampaykeun tukangeun panto. “Tiris, Ma!” témbal téh ti jero simbut belang. “Sétan éta téh! Maenya éléh ku si jago! Wayah kieu geus kongkorongok ngageuingkeun batur,“ ceuk Ema  teugeug.Éléh déét, kuniang hudang, gap kana sarung nu ngalumburuk na palupuh, disalindangkeun ngabunian awak, méh teu tiris teuing. Komo di luar cacak di jero gé sakieu tirisna. Abong imah di sisi gunung.Sabada meundeutkeun panto dapur, kuring ngiclik nuturkeun Ema nu angkaribung ngakeup said ku pangais, dieusi piring kumbaheun, urut peuting dalahar ngariung. Rada loba kumbaheunana, da puguh aya Amang jeung bibi saborondoyot. Nyimpang. Cenah mah tas ti anakna nu ngadon bubuara deukeut lembur kuring.Lebah pudunan, geus méh deukeut ka pancuran, pasangrok jeung Apa. Da Apa mah mun ka pancuran téh méméh adan subuh, méh bisa salat berjamaah di tajug jeung pancuranana lowong. Iy… teu sieun-sieuneun sosoranganan di pancuran. Sakitu geueumeunana. Apan pancuran téh diiuhan ku tangkal caringin nu kacida gedéna, akarna gé geus ngarambay siga janggot aki aki. “Gura-giru Ujang ka cai téh, bisi teu kabagéan berjamaah!” Sora Apa teugeug. “Heug!” témbal téh bari ngarérét.Saenyana mah rada horéam salat ka tajug téh, sok lila jaba tiris. Da bilik tajug téh mani cararang pisan. Anéh, tara diaroméan tajug téh, padahal urang lembur ieu mah sarolat téh ka tajug. Atawa meureun acan kaburu ngaroméan da keur rariweuh ku nguruskeun binih paré nu kakareueum baruruk. Sabalikna, mun usum halodo tara kari binih téh, da gararing taya cai. Bet taya mendingna. Komo ayeuna, ngijih geus sababaraha bulan, bari jeung taya poé nu kalarung. Dur lohor, cur hujan. Kalan-kalan mah adan awal wayah janari téh geus ngecrek hujan, parat nepi ka wanci  haneut moyan. “Panto dapur ditulakan, Iyeung?” ceuk Apa bari ngareret ka Ema. “Iraha teuing nulakan panto. Blung-blong gé moal aya nu asup, ari lain si Jago mah,” ceuk Ema bari seuri. Da enya di lembur kuring mah tara aya maling tara aya bangsat. Aman lain bobohongan. Kajeun dipolongokeun ti isuk nepi ka magrib gé tara kaleungitan piring songhék–songhék acan. “Heueuh bisi ditulakan, nanya téh.” Ceuk Apa bari ngingkig ka tonggoh. Ema teu némbalan. Kuring gé cicing teu milu ngomong. Ngingkig wé nuturkeun Ema bari nyéréngéh. Na bet barina gé iraha teuing imah ditulakan atawa dikonci gamlok. Ditutupkeun gé geus untung. Ulah teuing hayam marodol di jero imah.  Datang ka pancuran brus  mandi. Karasa tiisna nembus kana tulang sumsum. Awak dikasay ku daun seureuh, puguh rada arateul. Tuda geus dua poé dibéré waé pais hurang ku Ema téh. Awak asa renyem. Tapi da teu bisa protes, da puguh saenyana mah beuki kana hurang téh, komo  mun dipais. Matak sok  segut ari dahar hurang téh. Apa gé sarua beuki naker kana pais hurang téh. Ngan ari Apa mah tara nanaon enggeusna téh, kuring mah  sok buntutan, arateul.Réngsé mandi, gancang kuring indit rék muru tajug, milu amum salat Subuh. Ema ditinggalkeun da gegeroh kénéh piring. “Kadé ka tajug, Ujang! Bisi si Apa ngambek!” ceuk Ema bari jongjon meresihkeun sabun nu narapel dina baskom.“Enya eudeuk, mana rurusuhan gé!“ “Heueuh, kudu sieun ku pangrangkét.”Ceuk Ema daria. Nya da Apa mah galak, utamana urusan ngaji, urusan salat, urusan sakola agama, euweuh ampun keur si Apa mah. Apan pokna gé, “Kajeun teu dibantuan ngarit, batan manéh teu sakola agama!”Lamun hujan gé kudu waé indit ka tajug, bélaan dianteurkeun ditiung ku daun cau. Hiji séwang. Ka sakola gé kitu, mun sakola kabanjiran, pasti wé ku Apa kuring diakeup, da buruan sakola téh kakeueum ku cai nepi kana bitis Apa. Tatéh ti kelas hiji nepi ka kelas dua; mun sakola kabanjiran, pasti dianteurkeun bari diakeup. Teu meunang peré pisan, ari lain gering mah. Pajar téh ulah dibiasakeun peré, kéh bisi jadi kabiasaan. Eutik-eutik peré, eutik eutik peré. Ayeuna kuring geus kelas genep, sakeudeung deui gé ujian, kaluar ti ieu sakola nu remen kabanjiran mun usum ngijih.Lamun keur banjir kuring  jeung babaturan laleumpang téh pacekel–cekel, kawas nu rék ngepung lauk. Pan basa keur kelas opat mah kungsi ti buruan sakola meunang lauk emas. Aya tiluna. Kabawa caah ti balong nu gigireun sakola. Karunya nu boga balong téh, béak kabéh laukna da mudal caina. Kawasna sawaréh ka walungan nu hareupeun sakola. Untung wé nu sok ngaruseup sisi walungan mah.   Kuring ogé mun balik sakola osok  ka walungan ngala kijing atawa tutut jeung babaturan. Kitu gé tara lila geus meunang sakaléng. Geuwat balik. Sieun dicarékan ku si Apa, pan kudu sakola agama di madrosah. Mun henteu sakola agama pasti dirangkét. Nepi ka ayeuna sakola téh sok kabanjiran waé. Padahal ku pamaréntah téh geus diluhuran. Pas panto gerbangna lian ti dipager beusi téh, ogé diluhuran lebah lawang asupna, maké beton da aya solokan. Tapi angger wé  unggal taun gé, pakarangan sakola téh kabanjiran. Malah ayeuna mah cai téh sok asup ka kelas, ka kantor. Anéh. Na éta kitu pédah solokanana jadi ngaheureutan? Katambah-tambah di landeuh aya wangunan  kandang hayam  nu jumlahna ngawelas. Da hayamna gé ngarebu. Cenah mah pamiceunan caina teu bener. Mana mun  usum ngijih téh cai tamplok ka lembur nu deukeut sakola, malah sakola gé pan kabagéan geuning caahna.Ti  mimiti  kadéngé adan awal, hujan geus turun. Lir nu dicicikeun ti langit. Meujeuh, da meuyeum pihujaneunana gé ti  kamari  mula. Tambah ngeunah ngaringkuk disimbut. Reup deui panon peureum. Tambah rapet. Tambah tibra saréna gé. Beunta-beunta téh diguguyah ku Apa. “Sujang, Sujang, hudang! Tuh wudu wéh dina émbér, na golodog dapur. Ku Apa bieu  dipangjingjingkeun ti pancuran.” Sora Apa mani ngoncrang, da nampeu kana ceuli. Kuring ngulisik. “Keun waé Apa, uing deuk ka pancuran.”  Témbal téh bari nguliat. Jurungkunung hudang. Heg nangkeup tuur. Ngararasakeun haneutna dikarimbun simbut.Laaah, da mun teu kudu salat subuh mah, horéam hudang téh. Hayang ngaringkuk wé nepi ka panonpoé bijil nalobros sela-sela bilik.Tapi Apa jeung Ema sok ngaguguyah waé unggal waktu salat. Tara meunang bolong salat lima waktu sapoé téh. Lima kaliananana kudu kaeusian. Malah engké mah meureun geus  ka és ém pé kudu ditambahan ku rupa-rupa salat sunat. Pan ayeuna gé geus diajarkeun ku Ustad, rupa-rupa do’a solat sunat. Rupa-rupa babacaan nu parondok. Méh geus cangkem kabéh gé. Kari prakna. “Sujang! Sujang! Na kalah ngajentul waé di enggon?” sora Ema mani ngoncrang alah batan éngang. “Enya  enggeus. Ieu gé deuk ka pancuran!” témbal téh bari nyénglédkeun sarung nu dikarimbunkeun kana awak.“Montong! Geus dipangjingjingkeunku Apa bieu. Leueur di jalanna. Komo lebah tanjakan mah, Apa gé bieu méh-méhan tiseureuleu,” témbalna daria. “Nya atuh!” témbal téh bari léos ka dapur. Enya wé dina golodog dapur geus sadia cai beresih na émbér jeung panyiukna. Bageur si Apa téh. Tapi ogé galak. Teu kaharti. Geus bérés wudu kuring nyampeurkeun deui bapa. “Hayu Sujang ka tajug!“ ceuk bapa daria. “Hujan kénéh, Apa?” témpas téh. “Miripis!””Kerep kénéh!” ceuk kuring. Puguh rada wegah salat ka tajug téh, sok jareblog di jalanna. Jaba kacida tirisna. Angin subuh di lembur téa atuh, tirisna alahbatan alahmanan. “Aaah, hayu! Apa geus ngala daun cau dua ponggol. Hiji séwang!” ceuk Apa bari ngaléos ka hareup. Kapaksa kuring nuturkeun, bari sarung dibeulitkeun kana awak, méh teu tiris teuing. Jeung méh teu cérét, da dipayung ku ponggolan daun cau mah, ukur sirah nu teu kahujananana da awak mah angger wé sok baraseuh.Di tajug mani coréngcang, ukur aya genepan. Kolot opatan, barudak duaan. Haroréameun ka tajug meureun, atawa haroréameun ngala daun cauna. Ngan nu tara absén téh Ustad Usep wé, deuk hujan girimis deuk hujan ngagebrét gé, pasti geus siap sila dina paimbaran. Kacida ngéstona kana kawajiban. Keur sagala pinter téh. Hadis, dalil, kabéh geus ngolotok, aya di luareun sirah. Piraku wé atuh puluh-puluh taun ngalap élmu di pasantren.Méh nepi ka tabuh genep, hujan masih ngecrek. Cileuncang di mana-mana, di unggal buruan ngabaralong. Puguh hujan ngagebrét ti dur adan awal. Sabaraha jam atuh nepi ka wayah kieu can deuk raat-raat? Atoh teu atoh ari hujan isuk-isuk téh. Atohna mun hujan téh bisa mangkir sakola, asal Apa euweuh. Da ari aya mah moal bisa mangkir, meureun teu ngamuk nempo kuring cicing di imah. Atohna deui mun hujan téh, atoh, balik sakola bisa huhujanan bari maraén bal di lapang Cikandang tonggoheun sakola. Tara dipikiran baju calana pinuh ku leutak, kawas nu balik macul. Da éta mah urusan Ema urusan nyeuseuh mah cai pancuran ngagolontor kénéh. Bisa bararesih deui baju téh.Datang ka imah Ema geus nyadiakeun keur mumuluk. Sangu disangray, dibungbuan  réndos cikur. Mani seungit. Deungeunna mah kurupuk aci. Réndos céngék jeung uyah. Geus sakitu wéh. Da kabeuki sambel goang mah. Matak kajeun juru-juru biwir barohak kakadalieun gé, hih da angger wé. Mun dahar taya sambel goang téh asa teu ponyo.  “Mumuluk  wayah kieu, Iyeung, kawas nu deuk ka sawah,” ceuk Apa bari ngarérét ka Ema nu keur ninyuh cai entéh kana téko panci. Selengseng, seungit entéh. Seungitna téh mani matak kukurubukan beuteung. Téh héjo asli meunang ngaramu sorangan. “Najan teu  ka sawah gé, angger wé kudu gedé tanaga. Apan kudu ngakeup si Sujang ka sakola, da pasti banjir sakola si Sujang mah,” ceuk Ema bari seuri konéng. “Ah, uing mah embung diakeup. Éra ku babaturan, meureun gedé-gedé diaakeup kénéh,” ceuk kuring daria.“Baé dipoyokan batur gé, Sujang! Batan seragam baraseuh,” ceuk bapa, bari kop kana cukil kai. Kerewuk nyiuk sangu dua cukil mucung. Mani pinuh piringna téh.“Moal uing mah, Apa! Moal diaakeup. Éra,” témpas téh. Da enya, embung éra kudu diakeup-akeup ka sakola. Baréto keur kelas hiji teu éra, da ayeuna mah iyyy, kacipta pada moyokan lamun kuring ka  sakola diaakeup. Da baréto gé diaakeup téh lamun  caina semet bitis si Apa. Ari déét mah tara. Leumpang wé ngiciprit. Resep malah  kukucuprakan  dina cileuncang. Komo mun maraén bal di pakarangan imah nu pinuh ku cileuncang mah, waaah poho dahar poho sakola agama. Bakat ku aranteng. Ngan ari ulin dina cileuncang téh peutingna dampal suku sok arateul. Ceuk Ema mah jaram cenah.   Kuring langak-longok ka luar. Hujan masih miripis. Tapi katémbongna langit geus mimiti lénglang. Bangunna sakeudeung deui gé eureun hujan téh.“Raat hujan téh Sujang?” bapa ngagorowok tijero imah.“Acan, Apa. Masih miripis....” témbal téh bari tetep mencrong  cihujan nu ninggang batu tétécéan. Tangka beresih batu téh da kahujanan unggal poé. “Ké atuh sakeudeung deui ka sakola mah! Boa buruan sakolana gé kacaahan. Kudu singkil wé Sujang,” ceuk Ema daria. Apa ngarérét ka Ema. “Sok mapagahan teu bener ka anak téh. Biasa wé indit mah, Sujang. Kajeun datang pangheulana batan kabeurangan mah,” ceuk Apa daria. Ema ngabalieur. Biwir nyéréngéh, seuri konéng. Geus teu anéh kolot kuring mah, sok hoghag mun sual sakola téh. “Nya ayeuna wé atuh uing indit. Lin aya kénéh ponggolan daun urut Apa tadi ti pancuran?” ceuk kuring bari gap kana kantong. Sapatu mah teu dipaké, dijingjing wé. Da pasti pakarangan sakola kakeueum ku cai, kacaahan. “Anteur ku Apa?” tanya bapa bari seuri konéng. “Geus kelas genep ayeuna mah, Apa! Manasina keur kelas hiji, diaakeup. Éra ayeuna mah,” témbal téh bari rap masangkeun topi na sirah. Awét topi téh ti keur kelas opat meulina téh. Ukur rurud sisina wungkul.Kuring ngiciprit muru sakola, bari diiuhan ku ponggolan cau. Di hareupeun imah si Sobari, léngkah ngarandeg. “Sobari! Deuk sakola?” kuring ngagorowok. Taya nu némbalan. “Sobari, deuk sakola moal?” leuwih tarik ngagorowok téh. “Endeuk! Dagoan euy!” kadéngé Sobari ngajawab bari ngosom. Kawasna waé keur mumuluk. Teu kungsi lila Sobari kaluar bari masih kénéh nyapék. Gap kana ponggolan cau nu nanggoh deukeut golodog imahna. Kawasna geus disadiaan ku bapana meureun. Da puguh usum ngijih mah ponggolan daun cau téh kudu sayagi waé. Keur paranti ka pancuran, ka warung, ka sawah, ka kebon, ka sakola, apan diparayungna téh ku ponggolan cau. Tapi da moal béak-béak daun cau mah sanajan dialaan unggal poé gé, da saincak-incak  dapuran cau mah.Bring indit duaan jeung manéhna. Beuki deukeut ka sakola, beuki ngabring nu maraké saragem bodas beureum. Kabéh maraké tiung ponggolan daun cau. Tatéh da datang ka sakola mah ponggolan daun cau téh jadi tumpukan runtah. Tara diparaké deui balik mah, najan hujan gé. Kajeun huhujanan. Resep.Datang  ka sakola, kabéh ngaharuleng hareupeun pager beusi. Cai di pakarangan sakola méh  semet harigu kuring. Soalna si Emang penjaga sakola nu keur menerkeun tihang  bandera ukur katempo ti cangkéng ka luhur. Ah, gedé cai téh. Boa kelas hiji mah kalelep mun arasup ka pakarangan sakola téh. Pa Didin jeung Pa Sopian guru agama, geus aya  di teras kantor kapala sakola. Leungeunna méré kodeu sangkan kuring ulah arasup ka pakarangan sakola.“Sakola darurat, Jang! Darurat! Kelas gé kabéh kakeueum,” omongna ngagorowok. Kuring silih rérét jeung nu séjén, da geus ngaliud di luareun sakola téh murid  jeung ibu ibu guru. “Peré, Bu?” tanya téh ka Bu Eli nu nangtung tukangeun kuring. “Ké wé ngadagoan Bapa Kapala,” témbalna. “Apan kelasna gé kakeueum, Bu?” si Komar nyelengkeung ti tukang. “Enya, ké wé kumaha ceuk kapala sakola!” keukeuh wé Bu Eli  téh ngajawabna kitu. Nu deuk sarakola geus pinuh ka buruan imah si Isti nu hareupeun pisan sakola. Éta gé sarua kakeueum ngan ukur semet mumuncangan teu parna teuing. Ongkoh rada luhur buruan imah Isti mah. Leuwih luhur batan sakola. Nu deuk ka sawah gé tinghariul wé  di jalan jajahan. Bécék jeung laleueur. Kawasna haroréameun, da tangtu sawahna gé kakeueum. Tapi loba deuih jalma nu marawa pancing, kawasna rék marancing kiduleun sakola. Pan aya walungan gedé, da susukan nu hareupeun sakola gé gubragna téh ka walungan éta. “Paranén lauk euy!“ ceuk Komar bari nyampeurkeun.“Heueuh. Mun diperékeun urang nguseup yu!” ceuk Ondin daria. Jurig nguseup  manéhna mah. Aya aturan maké saragam kénéh, geus ngajego di sisi walungan, atawa kudak-kodok kana liang belut. Tapi sok bangénan, da sok meunang waé.Teu kungsi lila kurunyung kapala sakola, leumpang bari singkil. Calana digulung nepi kana bitis. Ngobrol jeung Bu Eli, Bu Rini, Bu Gantini, Bu Tarsih, nyaritakeun bulak-balik ka sakola ti janari  kénéh da aya nu ngabéjaan cenah sakola kacaahan. Nyalametkeun heula barang-barang sakola nu marahal. Perangkat komputer, parabot UKS nu sumbangan ti pamaréntah, buku-buku mah cenah geus disaralametkeun. “Ayeuna kumaha atuh, Pa? Kelas tos kakeueum,” ceuk Bu Gantini bari kerung-kerung wé. Puguh cenah gé nunda rapot dina lomari, sieun kakeueum. “Urang  sina dialajar di imah wé, poé ieu mah. Sugan isuk mah caina rada orot,” ceuk kapala sakola. Barudak sarurak ngadéngé belajar di rumah téh. Atoh. Komo si Ondin mah bari émprak surak. “Jadi  euy nguseup téh! Jadi!” si Ondin gogorowokan. Kepala sakola ngarérét. “Kudu mulang heula ka imah, ulah maké seragam!” ceuk kapala sakola teugeug. Sieun katempuhan meureun mun aya murid tikerelep, atawa kabawa caah. Komo masih kénéh maké saragam mah. Sakola nu katempuhan.Girimis geus eureun,tapi cai nu ngumplang di pakarangan sakola, tacan orot. Siga balong. Bisa dipaké ngojay. Kawasna moal bisa orot ku sajam dua jam, cai ngumplang kieu mah. Tingali wé, méh nepi kana jandéla kelas cai téh ngeueumna. Mun kelas hiji mah tikerelep. Matak barudak téh ngagarimbung di luar wé. Bubuhan luhur taneuhna, cai gé ukur semet mumuncangan. Barudak mimiti balubar. Jalan beuki jeblog jeung leueur. Ibu guru masih ngajarengjen di luar pager. Kapala sakola mah geus kukucuprakan di pakarangan sakola, deuk ngontrol kantorna meureun. Mangkaning sagala rupa dokumen sakola aya di dinya. “Kalah tinghariul di dieu, henjung geura marulang. Ngarapalkeun anggursi, sakeudeung deui ujian,” ceuk Bu Tarsih bari nepak taktak kuring.    Biwir nyéréngéh. Komar, Ondin, Sobari, Asep, Engkus silih rérét. “Ké wé, Bu,“ témbal téh. “Ééh bisi deudeupeun kolot hidep. Jeung kadé ulah arulin ka wahangan, caina gedé naker,” ceuk Bu Rini bari melong si Ondin. Kawasna rada teu percayaeun ka si Ondin mah, da sok remen kaperego keur nguseup sisi wahangan mun balik sakola téh. Malah mah kepala sekolah gé remen merego si Ondin keur nagog di balong atawa di wahangan. Jurig nguseup si Ondin mah. Da turunan meureun, apan Mang Hanan, bapana, jago nguseup. Di mana-mana diudag waé urusan nguseup mah. Mana nurun ning ka anakna. “Hayu ah!” ceuk Ondin daria. “Siappp,“ témbal saréréa. Méméh jung ngaléngkah, saréréa nareuteup heula pakarangan sakola nu geus robah jadi balong. Caina kiruh siga bajigur. Tapi kuring yakin dina cai nu kiruh éta, loba lauk emas atawa nila tinggudibeg, ngaranjleng ti balong balong nu aya sabudeureun sakola.          

http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1379138858

Rabu, 13 November 2013

Resensi novel

                                                                     Honey money
Judul: Honey Money
Pengarang: Debbie
Penerbit: PT. Gramedia Pustaka Utama
Tahun terbit: 2010
Jumlah halaman: 248

          Novel ini menceritakan tentang seorang gadis bernama Prity Diana. Dia mempunyai impian untuk menemukan cowok tajir, tampan dan romantis. Ia bermimpi seperti ini karena merasa bosan, setelah berpacaran dengan Elbert, seorang cowok pintar, yang bisa dibilang pelit dan gak romantis.Bayangkan saja saat mereka pacaran, mereka selalu naik angkot saat pergi nge-date. gimana Dee gak sebel kalo kayak gitu terus. selain itu, Elbert tidak seperti pacar-pacar lain,yang selalu memberikan bunga di saat yang spesial, membayari makanan yang mereka pesan. Inilah sebabnya Dee bermimpi menemukan cowok tajir.
Di sekolah, Dee termasuk anak yang pintar dan ceria. Ia memiliki 2 orang sahabat cewek, yaitu Sandra dan Liana. Dee juga berteman akrab dengan Tutut dan Anthony. Diam-diam, Dee naksir dengan Tommy, salah satu teman seangkatannya. Ia senang sekali saat dipasangkan dengan Tommy menjadi salah satu crew di acara sekolahnya. Tapi sayangnya cinta mereka terlarang, karena Tommy anak ips sedangkan Dee anak ipa. Anak ips dan anak ipa saling bermusuhan.     
Akhirnya Disaat ulang tahun Ane, salah satu teman kelasnya, Dee berkenalan dengan sepupu temannya itu yang bernama Rendy Alexander yang terlihat menawan, tinggi, keren, tajir, pendidikan ‘bagus’, punya mobil Altis, lulusan SMA Cahaya Harapan yang terkenal dengan murid-muridnya yang berdompet tebal. Dan dari situ bisa disimpulkan, Rendy sangat kaya raya. Sejak awal, Dee sudah naksir dengan Rendy. Dee bahagia sekali karena pertemuan nya nggak sampai di situ aja. Rendy datang ke sekolahnya untuk menonton Permata Cup.
Rendy sering mengajaknya jalan-jalan, hingga suatu hari panggilan mereka menjadi ‘aku-kamu’ yang pasti bikin Dee semakin berharap buat jadian dengan Rendy. Akhirnya, ia resmi menjadi pacarnya Rendy. Bahkan berkenalan dengan keluarganya, termasuk tante Deviana, ibu tiri Rendy. Lama kelamaan pun, Dee mulai merasakan, bahwa cintanya untuk Rendy adalah tulus. Dee perlahan menyayangi cowok itu.
Setelah semua kejadian manis yang bikin Dee bahagia, ia harus menerima kenyataan tentang Rendy. Sepupunya, Steffani menceritakan sahabatnya sekaligus mantan Rendy,  yaitu Mitzy yang udah diperas sama Rendy dengan membelikannya stik billyard yang harganya mahal. Lalu kemudian pada suatu hari, sahabat kecilnya Stefan mengajaknya ke suatu tempat yang ternyata adalah lokasi rumah duka ibu tiri Rendy. Disana dia bertemu dengan ibu kandung Rendy, tante Nadia. Tante Nadia menceritakan masa lalu keluarga Rendy,  kemudian Dee semakin memperkuat kenyataan bahwa Rendy itu matrealistis. Mau engga mau Dee harus bertahan, mempercayai Rendy sepenuhnya. Apalagi ketika dirasanya, cintanya untuk Rendy sudah tumbuh dan membesar dengan tulus. Dee mengundang Rendy ke hari ulang tahunnya, tapi ternyata Rendy sama sekali tak datang dan membuatnya bertekad untuk tidak menemuinya lagi.  
 Selesai pesta, dia mendapatkan telepon dari Rendy. Ternyata, Rendy menelponnya hanya untuk memintanya putus. Akhirnya mereka pun putus. Dee pun memilih untuk kuliah di Singapura mengambil jurusan psikologi sekalian untuk melupakan Rendy.Pelan–pelan, Dee mulai menerima kehadiran Stefan didalam hidupnya.
Diapun mencoba menyayangi sahabat sejak kecilnya yang ternyata sama seperti Randy, hanya ingin harta Dee saja. Setelah di selidikin terus menerus ternyata Stefan yang memitnah Randy. Padahal sebenarnya Randy sayang dengan tulus sma Dee.
Beberapa jam sebelum kepergian Dee ke Singapura, Dee menemukan kejutan di iPod miliknya karena didalamnya ada video pendek dari Rendy. Akhirnya, Dee pun kembali bersama Rendy.
Kesimpulan : jangan terlalu percaya sama omongan orang, karna belum tentu omongan nya benar. Lebih baik di selidiki dulu. Dan jika sudah ada buktinya baru boleh percaya
Novel ini sangat menarik, dan tidak bosan untuk dibacanya, namun tulisan nya terlalu kecil, membuat pembaca menjadi pusing