Jumat, 15 November 2013
Crpen3
Handphone
Kénging Hikmat Nugraha
Hayang mah geus lila boga hp (hapé) téh. Kuring kabita ku kikirilikanana hp nu kapiadi. Bubuhan geus boga gawé manéhna mah, kabeuli hp. Hp teh jadi lifestyle, jeung jaga gengsi, pangpangna hareupeun bébéné, keur nu geus boga mah. Ari keur nu can bogaeun mah nya keur gaul wé. Atuh da lamun pareng wawawuhan jeung awéwé téh, sok marénta nomer hp.
Ayeuna geus kacumponan boga hp téh. Ku kuring dipaké pikeun wawawuhan atawa komunikasi, boh jeung nu deukeut, boh jeung nu jauh. Malah aya nu keur di Malaysia ngirim sms ka kuring. Cenah manéhna téh pendengar setia RSI (Radio Singapura Internasional seksi Indonesia) nu saban peuting didéngékeun ku kulawarga kuring. Resep sotéh, bubuhan aya penyiarna nu urang Bandung, Entin ngaranna. Manéhna geus lila mukim di Singapura. Kawas ngadéngékeun Hidayat Ranumihardja di Radio Australia. Asa deukeut, jeung asa ka dulur, najan paanggang gé.
Enya tétéla geuningan ku hp mah, ka luar negri gé bisa dipaké da aya perusahaan telekomunikasi nu ngayakeun tarip husus pikeun user produk manéhna. Boga hp téh dipangmésérkeun ku Ambu, indung kuring. Pédah aya sésa tina ngarenopasi imah, saurna.
Ngeunah-ngeunahna mah boga hp téh. Ngan palebah marabanana yeuh, rada uleng. Alusna, boga hp téh, informasi gancang katarima. Hayang panggih jeung nu kakara wawuh mah hasil tina chatting gampang pisan atuh. Goréngna, mun aya sms iseng. Telepon iseng lolobana mah miscall. Ayeuna mah diteundeun, disidem di kamar, da leungeun ateul, hayang mencét waé tombolna. Teu ngasms pasti nelepon atawa maen gim. Jadi pusing mikiran keur ngawaragadan pulsa-na. Aya éta gé pilihan harga, ti mimiti nu tujuh rébu, sabelas rébu nepi ka ratusan rébu. Ngan angger wé lieur mikiranana. Orokaya boga hp téh geuningan teu gampang, tetep wé kudu boga pangasilan. Untungna deuih kuring sakapeung sok boga duit tina ladang nulis, cukup keur meuli pulsa mah.
Nyeta atuh kakara sadar kuring ge kabawakeun dikawasa ku teknologi canggih. Apan bareto mah keur can usum, indit ka mamana tara ieuh mamawa HP. Teu naha teu nehe. Ari ayeuna mah teu bga HP teh apan mani asa longkewang naker.
Geus dua kali hp téh contact service. Tilu kali malahan mah. Kungsi nepi ka opat poena diservis téh, panyakitna téh kitu jeung kitu waé. Bari mayarna mah angger, tapi teu walagri deui. Di pusatna mah geuningan ngan ukur lima puluh rébu rupia. Jaba bisa ditungguan, ukur saparapat jam, cageur deui. Gara-garana, éta hp murag tina saku calana dina beus, dua minggu ka tukang. Maké rada ngarep-ngarep, iraha kabeuli deui hp. Batan kapok kalah gawok geuningan. ***
http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1382023164
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar